Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi September 2008
sumber :
mailis Baraya_Sunda@yahoogroups.com
senin, 15 Sep 2008
Ku : Nining Sariningsih
email : nsariningsih@yahoo.com
mailis Baraya_Sunda@yahoogroups.com
senin, 15 Sep 2008
Ku : Nining Sariningsih
email : nsariningsih@yahoo.com
Kalayan Hurmat,
Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos
tiasa medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi September 2008.
Anu eusina diantawisna:
Lalayang/Serat
http://www.salaka.net/?page=Lalayang
Midangkeun:
Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka
Salaka Online ngalangkungan Uparengga Palalangon
(http://www.salaka.net/?page=ContactUs) atanapi ngalangkungan
E-mail/Surelek ka redaksi@salaka.net.
Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka
http://www.salaka.net/?page=LawangKori
Midangkeun:
Benteng
Ngagelarna rasa nu ajeg, tina tangtungan maneuh ,lebah tatapakan
pangapungan, lir eunteung nu ngalelewe. Sanajan mun mapay ka puhu, enya
bibit-buitna tina katangtuan “Decklarations of Human Right”, tapi apan
ngagetrakna rasa mah teu leupas tina pangarauh kaayaan jeung lingkungan.
Boh lingkungan alam, fisik, atawa psichys nepi ka supernatural. Naon
wae nu diasongkeun, nu dipidangkeun, anger nyoko kana kanyataan mimesis.
Da mustahil aya tapak tanpa lacak, sanajan bisa wae disebut inovasi
atawa kreasi anyar. Teu bina cara pagedrugna katangtuan hukum jeung
aparat hukum, dina ngajegkeun bener nu bener ceuk hukum, apan ipis-ipis
paraji na mah, matak kaleungitan nurani. Sanajan geus jadi Senen kalemekan,
Salasa kacapangan, sabiwir hiji, pada nyebut pada ngukut, padahal ukur
kasuistis, dina harti can ngajanggelek fenomena negative, nu gegedena
nyurungkuy tina opini public.
http://www.salaka.net/?page=LawangKori
Paraloka/Kaagamaan
http://www.salaka.net/?page=Paraloka
Midangkeun:
Manusa Salaku Individu
Dinamika masarakat mindeng robah komo dina dekade pamungkas, sawatara
teks al-Qur’an moal robah. Ku kituna dibutuhkeun proses dialogis
antara teks jeun konteks. Ku jalan kitu pamikiran kana pengenalan jeung
aktualisasi al-Qur’an di masarakat kudu sinambung (on going process).
Sosialisasi ajen-inajen al-Qur’an taya lian ti ngalaksanakeun
upaya-upaya kumaha sangkan al-Qur’an nu asalna ti deungeun teh dianggap hiji
hal anu aya pakaitna jeung ajen-inajen lokal ku masarakat lokal daerah,
bari jeung teu kudu ngorbankeun naon-naon anu geus dipiboga. Kumaha
sangkan maranehna bisa narima sagemblengna minangka unsur anu sinambung
jeung naon-naon anu dipiboga salila ieu, sahenteuna anu geus aya dina
hasanah ajen-inajen lokalna. Di sagigireun pamikiran, kumaha mere tempat
pikeun ajen dasar al-Qur’an dina kapling ajen-ajen universal.
http://www.salaka.net/?page=Paraloka
Zakat Fitrah Kasampurnaan Nyucikeun Diri
Kacida untungna jalma jalma anu nyucikeun dirina. Jeung anu inget ka
Alloh Aja Wajala, tur ngalaksanakeun parentahna, salah sawiosna sholat
(Al'alaa 14-15). Dulur dulur sadayana,anu dimulyakeun ku Alloh, teu
karasa ku urang sadayana tos tiasa pendak deui jeung bulan ramadhan, bulan
suci pikeun umat muslim, muslimat anu saroleh, sararolehah. Bulan suci
pikeun ngalebur dosa. Hyang Cholik masihan deui kasempetan kaurang
sadayana, panjang umur, teu aya sanes, masihan omer ngajalankeun tobat, anu
sabener benerna tobat, fisik, hate dihijikeun, munajat ka Pangeran yen
urang loba karumasaan memang rumasa, loba dosa, ngumbar napsu, ngagugu
pangajak syetan, anu temahna ngajongklokkeun kajurang naraka.
http://www.salaka.net/?page=Paraloka
Paraguna/Kabudayaan
http://www.salaka.net/?page=Paraguna
Midangkeun:
Carpon Sora
Nu balik janari tina pipir birit peuting, ngalongkewang ngudag
padataran lebak, nu ngaplak, nepakeun kahayang kana lalakon nu panjang sesa
tina pangalaman. Ngalengkah teh mapay tanjakan nu tarahal tur nanjeur
harieum beungeut, ngajeujeuhkeun paneumbleuhan kadeudeuh. Najan kudu
kukurusukan dina gerembel saliara nu pajurawet cucuk, teu ieuh ngarasa
hanjelu, da puguh jucungna tangtu huluna. Jadi sanajan ceuk nu sejen
pamohalan, taya barang kinasihan taya kasieun ka keueung.Naon wae nu bakal
kajadian, daek teu daek kudu disanghareupan. Lebah dinya na mah, naon nu
teu make risiko, boroning dahar sok kabeureuyan, dalah sare ge risikona
teu saeutik. Tina lambaran nu nyesa, malibirkeun kayakinan kana
sela-sela kahayang, bari duka kateang duka moal, apan sagala ge cicing dina
katangtuan kodo jeung kodar. Teu bisa naon kahayang nu dicalagarakeun
ngajanggelek dina angen-angen manteng. Keukeuh we, kangaranan nu disebut
mahluk, moal leupas tina susah jeung bungah.Tina gagal jeung hasil.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna
Carpon Kartu Kredit
Leumpang muru sakola rurusuhan, geus kabeurangan tuda. Sugan teh rek
gancang tepi geuning buktina jauh keneh. Tuda leumpangna jelema nu geus
cape gawe peuting. Tapi lain digawe nu lain-lain, ieu mah estuning gawe
keur nambahan pangupa jiwa. Bongan gajih teu cukup, jadi weh nyupiran
angkot unggal peuting.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna
Purbastiti/Tatakrama
http://www.salaka.net/?page=Purbastiti
Midangkeun:
Babasan & Paribasa
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun
kecap kantetan. Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka
lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
http://www.salaka.net/?page=Purbastiti
Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan
http://www.salaka.net/?page=Byapari
Midangkeun:
Mashudi Pajoang Jeung Tokoh Pendidikan
Lamun urang ngadenge ngaran Mashudi, anu kacipta teh pasti barudak
pramuka Siaga anu keur arulin udag-udagan, Penggalang anu keur kemping,
Penegak anu keur naek gunung, atawa Pandega anu keur diskusi. Enya, mantan
Gubernur, pajuang jeung tokoh pendidikan teh identik jeung kagiatan
pramuka, sabab anjeunna aktif ti mimiti KBI nepi ka Pramuka. Malahan taun
1978-1994 jadi Ketua Kwartir Nasional Gerakan Pramuka. Sababaraha
bulan samemeh Jambore Nasional 2006 dibuka ku Presiden Soesilo Bambang
Yudhoyono, ieu tokoh Pramuka teh tilar dunya. Mashudi, urang Sunda anu
aktif di dunya pendidikan jeung kapramukaan.
http://www.salaka.net/?page=Byapari
Pawayagahan/Carita Alam Aheng
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan
Midangkeun:
Urugna Gunung Wayang
Kajadian alam anu teu asup ku akal, teu kaharti ku pikir mangrupa
totonden atawa naon bae bisa karandapan ku manusa dina hirup kumbuh sapopoe.
Kajadian aheng anu kungsi ka alaman ku padumuk di wewengkon Desa
Majalaya di Kampung leuwidulang dina taun lima puluhan oge mangrupa kajadian
alam anu teu kaharti kuakal. Kajadian ieu teh karandapan sarta nyata
kaalaman ku balarea sakur padumuk anu aya di sisi walungan Citarum.
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan
Guruwerti/Opini, Bahasan
http://www.salaka.net/?page=Guruwerti
Midangkeun:
Kujang Gagaman Piandel
Kujang teh lain ngan saukur pakakas pikeun perang tapi oge pikeun
tatanen, pangarak jeung pusaka. Pakarang Sunda nu jadi ciri kasundaan teh
rupa-rupa wangun jeung ukuranana. Pikeun neuleuman ngeunaan naon jeung
kumaha nyieun kujang, ieu tulisan disusun, sakalian nyumponan pameredih
ti nu maca Salaka anu aya di mancanagara, anu kungsi nanyakeun asal
usulna sebutan Kudyang anu kiwari kawentar disebut Kujang. Urang Sunda
pasti kana reueusna mibanda kujang teh. Sabenerna ti baheula keneh oge
kujang teh sok dipake pakakas pikeun tatanen, salian ti jadi pakarang,
pangarak, jeung pusaka. Wujudna anu onjoy dibandingkeun jeung pakakas
tradisional lianna anu sajaman nembongkeun sipatna anu jadi ciri mandiri.
http://www.salaka.net/?page=Guruwerti
Maraspande/Wisata
http://www.salaka.net/?page=Maraspande
Midangkeun:
Lomba Tingkat IV Pramuka Pendidikan Luar Biasa di Kuningan
Kurang leuwih jam 06.30 kuring indit ti komplek Taruna Parahyangan,
Ujungberung, Kab. Bandung ka kantor anu pernahna di jalan Cikutra,
Bandung. Aya dua alternatip kandaraan nu digunakeun nepi ka kantor Kwartir
Daerah Pramuka Provinsi Jawa Barat teh. Nu kahiji make ojeg nepi ka jalan
gede, tuluy naek angkot warna pink jurusan Simpang Dago. Pasti eta
angkot ngaliwatan jalan Cikutra, patokan eureunna di GOR Citra Arena. Nu
kadua, make ojeg langsung tepi ka kantor (lamun keur rusuh jeung kapegat
macet). Kabeneran harita keur rusuh, jadi kuring make ojeg tepi ka
kantor.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande
Pamijahan, Pajoangan Syeh Haji Abdul Muhyi Mekarkeun Agama Islam Di
Jawa Barat
Pamijahan teh hiji kampung anu pernahna sisi walungan, anu matak lamun
walungan caah eta kampung ge kabanjiran. Nepi ka sababaraha imah kabawa
palid. Pamijahan sabenerna puseur kampung, ngarangkep puseur Desa
Pamijahan. Baheula mah katelahna Desa Bongas, Kacamatan Bantarkalong,
Kabupaten Tasikmalaya. Di dinya aya makam waliyullah SYEH HAJI ABDUL MUHYI
bin SEMBAH LEBE WARTAKUSUMAH. Jenengan ibuna nya eta RADEN AJENG
TANGANJIAH.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande
Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni
http://www.salaka.net/?page=Badingkut
Midangkeun:
Seminar Sajarah Jawa Barat
Seminar sajarah anu munggaran diayakeun dina dekade taun dua rebuan ieu
meunang perhatian anu lumayan ti kalangan guru sajarah. Kakara ayeuna
nyarahoeun yen karajaan munggaran di Jawa Barat teh Salakanagara lain
Tarumanagara, jadi perlu dipikiran kumaha ngaganti buku pangajaran
ngeunaan sajarah, utamana sajarah Jawa Barat. “Bangsa anu luhur nya eta
bangsa anu ngahargaan jasa pahlawanna”, kitu kasauran Bung Karno anu
nepi ka ayeuna moal bisa dipopohokeun ku sakumna bangsa Indonesia.
Kekecapan sejen anu moal bisa kapopohokeun, nya eta “Basa teh ciciren
bangsa, leungit basana leungit bangsana”. Indit tina dua ranggeuyan
mutiara ieu, Majalah SALAKA Online bareng gawe jeung Museum Negeri Sri Baduga
ngayakeun seminar sapoe anu lumangsung tanggal 28 Agustus 2008 jam
08.00 nepi ka 16.00 di Aula Musieum Sribaduga, Jl. BKR 185 kota Bandung,
kalawan judul “Sejarah Jawa Barat di Museum Sri Baduga sebagai Sarana
Pembelajaran”.
http://www.salaka.net/?page=Badingkut
Sidang Gugatan Para Pensiunan TELKOM Diundur Deui
Sidang gugatan para pensiunan PT.TELKOM poe Rebo tanggal 27 Agustus anu
geus kaliwat di Pangadilan Negeri (PN) Bandung diundur nepi ka tanggal
17 September 2008. Nomer register 202/PDT/G/2008/PN-BDG geus kacatet
di Panitera Keperdataan PN Bandung tanggal 17 Juni 2008. Sidang dipimpin
Majelis Hakim Teguh SH (Ketua), HA Moehan Effendi SH jeung Aziz SH
(Anggota).
http://www.salaka.net/?page=Badingkut
Belenyeh/Guguyon
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh
Midangkeun:
Harley Davidson
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh
Domba Bodas Domba Hideung
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh
Murag Sorangan
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh
Kuda Pacuan
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh
Begal Spesialis Bank
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh
Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok.
Rumpaka Salaka
http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi
Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula.
No Response to "Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi September 2008"
Posting Komentar